Rabu, 16 Maret 2016

Materi B. Sunda Kelas 9 Karangan Bahasan



Dina materi karangan bahasan abi bade ngajelasken cara nyieun ranginang.

Caran Nyieun Ranginang




Ranginang nyaeta kadaharan urang sunda, sok aya diimah-imah paranti ngopi, komo deui mun aya acara acara ciga hajatan jeung lebaran teh sok disugukeun. Ranginang rasana aya nu asin oge anu amis. Ranginang warnana macem macem, kumaha rasana, warna coklat make gula bereum rasana amis, jeung warnana semu beureum make tarasi rasana asin. Ayeuna bade ngajelasken nyieun ranginang asin.
Mimitina siapkeun beas ketan, geus kitu isikan. Asupkeun kanu citel, caian sacukupna. Nu kie teh disebutna karihan. Tagenkeun kanu kompor, tungguan nepikeun caina saat. Terus pindahkeun kanu langseng, sepankeun nepi ka asak. Jait, pindahkeun kanu baskom. Asupkeun bumbu nu menang ngarendos kanu baskom (tarasi, bawang beureum, bawang bodas, uyah) bumbuna sacukupna. Galokeun sabari diakel. Sanggeus bumbuna rata terus citak baruled. Beres nyitak langsung dipoe nepi ka garing.
Ayeuna kari digoreng. Digoreng dina minyak panas jeung kakeem ngarah ranginangna beukah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar